Wartos-wartos ti Tundagan diantawisna……….
Warga masyarakat dusun Babakan Desa Tundagan,rereongan ngarehabilitasi Mushola Nurul Iman Babakan ukuran 10 X 9 meter meakkeun waragad 79.857.500,- kaasup tanaga swadaya warga RT 23, RT 24, RT 25 RW 06 katut sumbangan ti para donatur dermawan lianna.
Saur Kepala Dusun Babakan Apung Rukmana Alhamdulillah Mushola Nurul Iman kasebut kiwari tos tiasa dimangfaatkeun kanggo Sholat berjamaah.
Gotong royong anu lilana dua bulan satengah teh kiwari rengse 95 persen, ku kituna pikeun ngarengsekeun nepi ka saratus persen meryogikeun tambihan waragad, ka sadaya kaum muslimin anu haat bade masihan sumbangan mangga diantos.! Kitu dijentrekeun ku Kadus Apung. (Humas Panitia Rehabilitasi)




Komentar Terbaru